Lompat ke isi

Itrium

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Itrium

Itrium nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Y jeung nomor atom 39.[1] Itrium kaasup kana logam langka.[2] Itrium cukup stabil di udara ku sabab ngabentuk lapisan oksida stabil di bagéan luarna, tapi gampang dioksidasi nalika dipanaskeun.[2] Ieu unsur ngaréaksi jeung cai ku ngaleupaskeun gas hidrogén, sarta ngaréaksi jeung asam mineral.[2] Itrium teu sayaga di alam minangka unsur bébas sarta kapanggih di ampir sakabéh mineral langka jeung dina bijih uranium.[2] Bijih xénotime anu warnana konéng kacoklatan bisa miboga kandungan 50% itrium fosfat (YPO4) sarta ditambang di Malaysia.[2] Itrium ogé kapanggih dina mineral langka monazite kurang leuwih 2,5 %, jeung dina jumlah leutik dina mineral lian kayaning barnasite, fergusonite, jeung smarskite.[2] Pamakéan pangbadagna itrium téh nyaéta minangka oksida itria, Y2O3, anu dipaké dina nyieun fosfor beureum pikeun tabung tipi warna.[2] Itrium dipaké ogé minangka paduan logam dina jumlah leutik anu di antarana pikeun ningkatkeun kakuatan aluminium jeung magnésium.[2]

Rujukan

  1. "Tabel Periodik (Indonesian Periodic Table)". PTable. Diakses tanggal 3/14/2016. 
  2. a b c d e f g h "Itrium (Y): Fakta, Sifat, Kegunaan & Efek Kesehatannya". Amazine. Diakses tanggal 3/14/2016.  Archived 2016-07-11 di Wayback Machine