Lompat ke isi

Kipas Angin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Kipas angin tradisional Jepang

Kipas angin mangrupa barang pikeun niiskeun awak.[1] Kipas geus aya salila rébuan taun, geus dipaké ku masarakat pikeun niiskeun awak.[1] Kipas Angin sacara umum dibagi jadi dua nyaéta kipas angin leungeun jeung kpipas angin listrik.[1]

Asal usul Kipas

Kipas diTionghoa miboga peran penting salain pikeun niiskeun awak kipas ogé jadi simbol.[2] Kipas Tionghoa kaasup kipas kahot ku sabab dipikanyo yén kipas jaman éta tina tenunan awi mimitina abad ka-2 SM, jeung disaluyuukeun jeung pungsina, kipas dipaké pikeun niiskeun hawa.[2] Satuluyna kipas mimiti jadi barang seni dieuyeuban ku lukisan jeung ornamén anu dijieuna ku para seniman kelas luhur.[2] Kamekaran kipas mekar nepi ka Jepang jeung Korea anu budayana hampir sarua jeung Tiongkok.[2] Sanajan kipas leungeun téh mangrupa budaya bangsa Tionghoa, tapi mimitina kapanggih kipas lipet di Jepang kira-kira abad ka-6 nepi ka abad ka-8.[2] Kipas lipet diwanohkeun ka Tiongkok dina taun 988 pikeun hadiash ka kaisar.[2] Nepi ka makéna kipas lipet sumebar jeung jadi lambang status sosial jeung pinterna jalma anu miboga éta kipas.[2] Salain ti éta kipas ogé jadi salah sahiji ikon tren papakéan populer.[2] Mimitina dina masa Dinasti Han jeung Dinasti Tang nalika baju dipaképikeun bahan kipas, anu ngahasilkeun kipas generasi anyar anu lain ngan saukur alus tapi disaluyukeun jeung baju anu di paké.[2] Kamekaran ieu aya dina kajayaan masa Dinasti Ming kira-kira taun 1368 nepi ka 1644, nalika kipas jadi mamanis papaké anu dieuyeuban ku rupa-rupa lukisan jeung kaligrafi.[2] Kamekaran kipas leungeun jadi sumebar kana bahan anu dipakéna.[2] Kai cendana, gading, giok, pérak nepi ka emas jadi bahan-bahan rangka kipas.[2] Sedengkeun husus keur kai cendana, méré pungsi tambahan dina kipas anu teu ngan saukur niiskeun hawa osok kaambeu seungit nalika dikipaskeunnana.[2] Lantaran sumebarna mangpaat kipas nepi teu kawatesan saperti [[kipas beusi]] pikeun sanjata anu disebut Tie Shan.[2]

Referensi

  1. a b c sejarah kipas angin tangan dari masa ke masa[tumbu nonaktif] (Dicutat tanggal 4 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n Kipas Jadi Lambang Status Sosial Archived 2011-10-13 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 14 Oktober 2011)